Mangsa I(Saméméh abad ka-16 M)
Nepi ka taun 1600 Maséhi, basa Sunda téh mangrupa basa nagara di karajaan Salakanagara, Galuh, Kawali, Sunda, jeung Pajajaran. Dina ieu mangsa, basa Sunda kaasupan ku basa saperti anu katémbong dina prasasti titinggal, malah aksarana ogé maké aksara Pallawa.
Basa Sunda alam harita dipaké dina widang kanagaraan, kasenian, jeung kahirupan Sapopoé. Loba kitab ageman anu ditulis dina basa Sunda sarta ngagunakeun aksara Sunda (kuna) saperti, Siksa Kandang, Karesian, Carita Parahyangan, Darmasiksa, jeung Guru Talapakan.
Mangsa II (1600-1800 Maséhi)
Basa Sunda dina mangsa ieu geus kapangaruhan ku basa Arab jeung basa Jawa. Basa Arab asupna kana basa Sunda ngaliwatan pasantrén, ari basa Jawa asupna kana basa Sunda ngaliwatan padaleman (pamaréntahan). Harita di tatar sunda geus jlug-jleg pasantrén, umumma ajengan nu ngadegkeun pasantrén di urang kungsi masantrén di wétan, jadi salian ngasupkeun basa Arab kana basa Sunda pasantrén ogé milu ngasupkeun basa Jawa deuih. Nya di antarana ngaliwatan pasantrén deuih asupna wawacan jeung sarupaning upacarana téh. Kitu deui widang pamaréntahan, harita tatar Sunda kaéréh ku Mataram, para gegedén Sunda (dalem) sataun sakali kudu séba ka dayeuh Mataram, tara sakeudeung di dituna téh, balikna mawa adat cara kadaleman Jawa, nya mangsa harita mimiti asupna ''undak usuk basa'' kana basa Sunda téh, nu mangrupa pangaruh tina basa Jawa (contona dina naskah wawacan Sulanjana
Mangsa III
Dina ieu mangsa, basa Sunda mimita kaasupan ku basa, ngaliwatan para Bupati jeung pagawé Walanda. Mémang harita mah wewengkon Sunda téh geus aya dina genggeman pamaréntah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku aksara latén téh. Basa Sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda. Salian ti éta, basa Sunda ogé mimiti kaasupan basa Malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa Walanda sangkan bangsa pribumi, kaastp urang Sunda kudu ngagunakeun basa Malayu minangka lingua franca-na (contona aya aksara laten dina taun 1876).
Mangsa IV
Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki réa, basa Sunda terus digunakeun serta diajarkeun di sakola-sakola. Para pananglutik basa Sunda beuki loba deuih, boh bangsa deungeun atawa urang Sundana sorangan, beuki témbong baé pangaruh basa Walanda kana basa Suda téh, nepi ka harita mah teu saeutik urang Sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa Walanda, utamana kaom palajar. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda dipaké dina widang atikan jeung kabudayaan, pikeun nuliskeunana geus prah maké aksara Latén. Dina ieu mangsa, medal pustaka mangsa jeung kalawartat dina basa Sunda saperti papaés nonoman (1915), pasoendan (1917), poesaka soenda (1923), jeung sipatahoénan (1923).
Mangsa V (1945-kiwari)
Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut ogé mangsa sabada peramg, basa Sunda dipaké dina kahirupan sapopoé, pustakamangsa, sastra, kabudayaan, jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa Suda loba kapangaruhan ku basa Indonésia. Dina istilah-istilah basa kosta méméh asup kana basa Sunda téh umumna ngaliwatan heula basa Indonésia, utamana nu dipaké ku masarakat kota, nepi ka aya istilah ''Sunda kamalayon'' geuning, nyaeta b asa Suna anu reumbeuy kapangaruhan ku basa Malayu (Indonésia)
Diropea tina : http:/su.wikipedia.org/Sajarah_Basa_Sunda